BDR Bahasa dan Sastra Sunda Cuplikan Biografi Tokoh Sunda

Bahasa dan Sastra Sunda

Tujuan Pembelajaran: 

  • Peserta didik dapat memahami isi teks tokoh biografi Sunda sebagai teladan dan kebanggaan masyarakat
  • Peserta didik dapat menceritakan kembali isi bagian teks tokoh biografi Sunda sebagai teladan dan kebanggaan masyarakat

Materi Pokok:

Cuplikan biografi tokoh sunda

Sebelum belajar silahkan isi daftar hadir:


Sudahkah kamu ?
  • Mandi dan gosok gigi
  • Mengenakan pakaian rapih dan bersih
  • Sarapan & cukup minum
  • Berdoa sebelum belajar
  • Membersihkan kamar tidur
APERSEPSI

Di handap aya gambar ngeunaan Tokoh-Tokoh Sunda anu kasohor.
Pek ku hidep regepkeun saha wae eta Tokoh-Tokoh Sunda teh!

H. Oded Mohamad Danial, S.A.P. nyaeta politikus anu ayeuna ngajabat Wali Kota Bandung periode 2018 – 2023.



Robby Darwis nyaeta pamain bal legendaris Indonesia anu kasohor dina tahun 1990-an jeung mangrupakeun salah sahiji bintang Persib Bandung.


Udjo Ngalagena anu dikenal Mang Udjo nyaeta seniman angklung asal Jawa Barat, Indonesia anu ngadirikeun Saung Angklung Udjo.


Raden Dewi Sartika nyaeta putri pasangan raden Somanegara sareng Raden Ayu Permas. Anjeunna nyaeta tokoh perintis pendidikan kanggo kaum awewe.

MATERI


Mikawanoh Tulisan Riwayat Hirup
Wahyu Wibisana
Pangarang jeung Budayawan Sunda

    Wahyu Wibisana téh kaasup pangarang Sunda anu loba icikibung dina rupa rupa widang kagiatan kabudayaan. Lahir di Cisayong, Tasikmalaya, 19 Januari 1935.

    Kang Wahyu, kitu nelahna di kalangan pangarang Sunda, kungsi jadi guru SD di Singaparna jeung Bogor. Sa bada lulus ti Sakola Guru A, neruskeun ka B 1 Basa Sunda, terus pindah ka Jurusan Basa jeung Sastra Sunda, Fakultas Keguruan Ilmu Pendidikan (FKIP) Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung, kiwari jadi Kurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Daerah, Fakultas P endidikan Bahasa dan Seni (FPBS), Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung. Teu lila jadi guruna téh , da terus cekel gawe di lingkungan Dinas Pendidikan Jawa Barat, nepi ka pengsiunna.

    Kang Wahyu téh kaasup pangarang anu produktif. Karya tulisna lolo bana mangrupa bahasan ngeunaan basa, sastra, kasenian, jeung kabudayaan. Ari dina wangun fiksi nulis sajak, dangding, carita pondok (carpon), jeung gending karesmen. Karya karyana anu geus dibukukeun, di antarana: Urang Naon di Cinaon, Kembang Katiga (kump ulan sajak), Riring riring Ciawaking (kumpulan dangding), Aker Dangse ( kumpulan dongeng), Malati ti Ibu Haji (kumpulan carpon), Anaking Jimat Awaking (kumpulan esey), jeung kumpulan naskah gending karesmen barudak Si Ujang jeung Doraemon.

    Sajak jeung dangdingna loba anu dijieun lagu ku Mang Koko sarta kungsi kacida populerna Ti Tatar Sunda, upamana baé “Kembang Tanjung Panineungan”, “Reumis Beureum”, jeung “Samoja”. Kitu deui naskah naskah dramana, mindeng dipagelarkeun sarta kalandep ku balarea, saperti “Galungung Ngadeg Tumenggung”, “Munding Laya Saba Langit”, “Tonggeret Banen”, jeung “Tukang Asahan”. Ari naskah gending karesmén keur barudak, di antarana “Nini Anteh”, “Geber geber Hihid Aing”, “Seuhah Lata lata”, jeung “Si Ujang jeung Doraemon”. Gending karesmén “Si Ujang jeung Doraemon” kungsi
dipagelarkeun sababaraha kali di Bandung jeung Tasikmalaya . Malah kungsi dipintonkeun
dina televisi sagala sarta geus direkam mangrupa kaset jeung CD.

    Kang Wahyu kungsi mingpin Majalah Mangle jeung Wangsit sarta ngokolakeun majalah barudak Jaleuleu. Salian ti eta, kungsi jadi anggota DPRD Jawa Barat, Ketua BKKNI, Pangurus LBSS, Ketua Sundanologi, Pangurus PGRI jeung Pangurus Puseur Paguyuban Pasundan. 
    
    Kang Wahyu dilélér “Anugrah Budaya” ti Pamarentah Kota Bandung, lantaran jasa jasana dina widang kabudayaan. Samemehna oge kungsi meunang “Hadiah Rancagé ”, lantaran jasa jasana dina widang Basa jeung Sastra Sunda.
    Kang Wahyu mulih ka kalanggengan tanggal 13 Oktober 2014. Sanajan tos teu aya di kieuna, tapi karya karyana masih naymbuang, dibaraca jeung jadi bahan ulikan para calon sarjana.

Sumber : MIDA DAMI, Pangajar an Basa Sunda pikeun Murid SD/MI Kelas VI, Drs. Taufik Fatirohman, spk.

EVALUASI

Sangkan leuwih paham kana tulisan anu euisina riwayat hirup Wahyu Wibisana, pék jawab pananya di handap dumasar kana bacaan di luhur!
  1. Saha ari Wahyu Wibisana téh?
  2. Di mana jeung iraha dilahirkeunana Wahyu Wibisana téh?
  3. Kungsi nyuprih elmu di mana wae Wahyu Wibisana téh?
  4. Mangrupa naon wae karya-karyana Wahyu Wibisana téh?
  5. Naon pacabakan anu resmi Wahyu Wibisana téh?
  6. Naon bae kagiatanana Wahyu Wibisana salian ti nulis?
  7. Naon bae karya-karyana Wahyu Wibisana anu geus dibukukeun?
  8. Naon bae karya-karyana Wahyu Wibisana anu mangrupa naskah drama jeung gending karesmén?
  9. Naon bae judul sajak jeung dangdingna Wahyu Wibisana anu dijadikeun lagu ku Mang Koko?
  10. Naon bae penghargaan anu kungsi katarima ku Wahyu Wibisana, lantaran jasa-jasana dina widang basa, sastra, jeung kabudayaan?

MAR BERLATIH

    Pek ayeuna hidep nulis riwayat hirup salah sahiji tokoh dina widang naon baé. Bisa pangarang, olahragawan, artis, atawa juara dina salahsahiji pasanggiri atawa perlombaan. Ambahanana teu kudu tingkat nasional atawa provinsi baé. Rék tingkat kabupaten, Rék tingkat kacamatan ogé bisa. Malah tingkat sakola jeung tingkat RT ogé teu nanaon. Bahan tulisanana, bisa tina buku, majalah, koran, bisa ogé tina hasil wawancara jeung jinisna. Teu kudu panjang panjang salembar ogé cukup.

KESIMPULAN
  1. Upama ku urang dititénan, eusi tulisan riwayat hirup teh, diantarana ngawengku:
  2. Tempat tanggal lahir tokoh;
  3. Kasang tukang pendidikanana;
  4. Kasang tukang kulawargana;
  5. Pagawean atawa profésina;
  6. Ketakna dina salah sahiji widang;
  7. Jeung karya-karyana atawa préstasina;

Related

Kegiatan 6212035804260097200

Post a Comment

  1. All reels must be accompanied by buttons which permit players to manually stop them, reels could not spin faster than 80 RPM, 카지노 사이트 가입쿠폰 and reels should stop within zero.19 seconds of a button press. In practice, this means that machines can't let reels slip greater than four symbols. Other guidelines embrace a 15 coin payout cap, a 50 credit score cap on machines, a three coin most wager, and different such laws. Slot machines embrace one or more of} currency detectors that validate the form of cost, whether coin, cash, voucher, or token. The machine pays out according to the sample of symbols displayed when the reels stop "spinning". Slot machines are the preferred playing technique in casinos and constitute about 70% of the typical U.S. on line casino's income.

    ReplyDelete

emo-but-icon

item