Silih Mikanyaah Papada Makhluk

Silih Pikanyaah
Papada Makhluk


sumber:https://news.republika.co.id/berita

Sakumna mahluk di alam dunya diciptakeun Gusti Nu Maha Kawasa dina kaayaan nu teu sarua. Silih pikanyaah jeung silih ajenan papada mahluk mangrupakeun kawajiban pikeun nyumponan pangabutuh nu teu sarua.

A. Maca 

Maca Paguneman

  1. Di handap ieu aya paguneman nu eusina medar silih pikanyaah jeung papada mahluk. Pek/prak baca ku hidep! 

Hadiah Pikeun Kebon Binatang . 

Mulangna si Paser, anak mencek, ti leuweung jadi obrolan urang Cikonéng. Babaturan Eson daratang, rék narénjo si Paser ka imah Eson. 

Tia                       : “Sabaraha poé nya si Paser aya di leuweung téh?”  

Eson                     “Ampir dua minggu."

Usép                     : Jadi rada begang ayeuna mah nya, Son?”

Ahid                     : “Enya. Padahal di leuweung téh tangtuna oge rea  hakaneun.”

Pa Guru                :  "Lain sual aya jeung henteuna hakaneun, tapi si Paser teu bisa ngaluyukeun diri 
                                  jeung kaayaan di leuweung. Ari didieu mah pan dikandangan, tur parabna oge 
                                 disadiakeun. Jadi geus kitu kabiasaanana téh. Tangtu wae di leuweung téh 
                                 moal betaheun." 

Eson                     : “Kumaha atuh sakedahna, Pa?” 

Pa Guru                : “Kuduna mah si Paser téh ulah langsung dileupaskeun ka leuweung, sabab moal                                         betaheun. Alusna mah saeutik-saeutik diwanohkeun heula jeung lingkungan 
                                 nu anyar." 
Ahid                     :  “Ayeuna rék kumaha atuh, Son?” 

 Eson                    : “Teuing atuh, masih kénéh bingung. Ari rék terus dipiara di dieu, apanan jelas teu 
                                meunang, sabab ieu sato ditangtayungan ku undang-undang. Ari rek dileupaskeun 
                                deui ka leuweung, geuning ayeuna kalah balik deui.” 

Pa Guru             : “ Ari ceuk Bapa mah si Paser téh mending dikakebon binatangkeun.” 

Eson                 : “Engke téras kumaha, Pa." 


Pa Guru             : “Nya, bakal dipiara di ditu. Eta tangtu leuwih hade batan si Paser dikukut di dieu. Di 
                                kebon binatang mah tangtu bakal aya baturna. Salian ti &ta, urang geus nyumbang 
                                pikeun kapentingan umum.” 
Usep                :  “Enya mending keneh kitu, Son. Lamun aya di kebon binatang mah pan urang babari                                 rek ngalongok si Paser teh.” . 

PaGuru           : "Kumaha, Son, geus kapikir acan?” 

Eson                :    “ Sumuhun, sae kitu wae, Pa. Si Paser teh urang pasihkeun wae ka kebon binatang. “ 

Pa Guru            : "Enya, alus pisan ari kitu mah.” 

Tia                    :  “Iraha nya, Pa, saena dianteurkeun ka kebon binatangna?” 

Pa Guru            : “Engke wae, lamun Eson geus enya-enya cageur. Ulah gurung gusuh, sabab                                                samemehna urang kudu mere nyaho heula ka pangurus kebon binatang yén urang 
                             rek masrahkeun si Paser." 
Usep                 : "Urang anteurkeun wae atuh, Pa," 

Pa Guru            : Alusna mah kitu. Tidieuna urang ngabring bari sakalian piknik ka kebon binatang,” 

Dicutat tur diropea tina novel Si Paser karangan Tatang Sumarson, 

Nyangkem Paguneman 

2. Sabada maca paguneman di luhur, hidep tangtu bisa nangtukeun naon pieunteungeun atawa picontoeun tina eusi paguneman éta. Sangkan leuwih nyangkem kana eusi paguneman di luhur, prak jawab pananya di handap! 

  1. Saha waé anu guneman dina paguneman di luhur?
  2. Naon ari si Paser téh? 
  3. Sabaraha lila si Paser aya di leuweungna? 
  4. Kunaon si Paser balik deui ka imah Éson? 
  5. Kudu kumaha sangkan si Paser betah di leuweung?
  6. Kunaon si Paser teu meunang dipiara ku Éson? 
  7. Kunaon si Paser leuwih hade dikakebonbinatangkeun? 
  8. Iraha si Paser dianteurkeun ka kebon binatang?
  9. Kumaha sikep Éson ka si Paser? 
  10. Naon pieunteungeun nu aya tina paguneman di luhur?

Sumber: Buku Paket Diajar Basa Sunda Kelas IV SD/MI 


Post a Comment

emo-but-icon

item