NYALAMETKEN MAHLUK PAPADA CICIPTAN ALLOH

PANGAJARAN 1
NYALAMETKEN MAHLUK PAPADA CICIPTAN ALLOH
A. Maca Jero Haté
Urang téh kudu akur jeung papada mahluk, sabab papada ciciptan Alloh. Geura urang baca Ieu di handap. Penyu Héjo
Penyu téh nyaéta kuya laut. Nurutkeun para ilmuwan, penyu téh geus aya ti ahir jaman jura (145-208 juta taun kaliwat) rék saumur jeung dinosaurus.
Sanajan salilana aya di jero cai, sakali waktu mumbul ngarénghap.Penyu napasna ku paru-paru. Penyu ngalalana kacida jauhna. Tempat nu jauhna 3.000 km bisa disorang salila 58-73 poé.
Penyu jalu salilana hirup di laut. Penyu bikang muru basisir nyelang rék ngendog.Teu tulus ngendog mun kacaangan atawa kagandéngan.
Di dunya téh ngan aya tujuh rupa penyu nu masih hirup, nyaéta penyu héjo, penyu sisik, penyu Kemp’s ridley, penyu lekang, penyu balingbing, penyu pipih, jeung penyu tempayan.
Penyu balingbing téh penyu nu panggedéna. Panjang awakna 2,75 m, beuratna 600 -900 kg. Penyu lekang pangleutikna, beuratna ukur 50 kg. Anu pangmindengna kapanggih mah penyu héjo. Kabeukina tutuwuhan jeung sato laleutik.
Penyu beuki lila beuki ngurangan. Malah, kiwari téh geus méh tumpur. Éta téh lantaran mindeng kaganggu jeung habitatna ruksak. Upamana anak penyu kajaring ku pamayang (nelayan) atawa diala, terus diawétkeun, dijual keur kenang-kenangan.
Di basisir pakidulan Jawa Barat sok aya kénéh nu ngala endogpenyu keur jualeun, atawa keur konsumsi. Dina sakali ngendog aya 150-na. Tapi, ku sabab mindeng dicokotan lila-lila mah béak.
Keur “pelestarian” penyu héjo hususna, sangkan penyu teu tumpur di sababaraha tempat di basisir laut kidul :di Batukaras, di Pangandaran, di Pangumbahan, di Cikepuh, kitu deui di Parigi geus diadegkeun Kelompok Penangkaran Biota Laut (KPBL). Éta kelompok téh ti taun 1983, geus ngamimitian programna di wilayahna. Kagiatan para anggotana ngumpulkeun endog penyu mapay-mapay basisir ti mimiti Batu Hiu nepi ka Bojong Salaut, saban tabuh sabelas peuting.
B. Ngajawab Pertanyaan
- Rék naon penyu mucunghul ka luhureun beungeut cai?
- Naon nu nyababkeun penyu teu tulus ngendogna di basisir?
- Kumaha sikep hidep mun hiji waktu ningali anak penyu kajaring ku nelayan?
- Salian ti penyu, naon deui sato nu geus langka di urang?
- Kumaha tarékahna sangkan sasatoan nu ditataan ku hidep teu tumpur?
- Kumaha pamanggih hidep mun nempo aya nu miara penyu nu dilindungi téa?
- Naon maksud “kahirupan penyu geus krisis”?
- Naon sababna krisis?
C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap
- batok
- caang
- disorong
- mumbul
- muru
- ngalalana
- nyelang
- tingarugil
- basisir
- tumpur
D. Ngaringkeskeun Bacaan
E. Ngalarapkeun Paribasa
- Anak kuya diwadahan kana batok.
- Rumasa kuring mah kurung batok
- Nyiuk cai ku ayakan = migawé laku nu moal aya hasilna.
- Sapu nyéré pegat simpay = paturay, asal babarengan lila tuluy papisah.
- Legok tapak genténg kadék = loba pangalaman.
- Adat ka kurung ku iga = adat téh hésé digantina.
- Aya jalan komo meuntas = eukeur mah aya maksud turugturug aya pijalaneunana.
F. Nyaritakeun Eusi Bacaan
Jalak Bali Rék Tumpur di Habitat Aslina
Jalak Bali atawa Curik Bali téh nyaéta manuk nu panjangna 25 cm. Manuk nu resep disada. Warna buluna bodas, mangrupa sato nu hirupna matuh di hiji tempat (éndemik) nu aya di Pulo Bali beulah kulon. Ieu manuk téh minangka sato éndemik Pulo Bali nu masih aya, sanggeus maung (harimau) Bali geus teu aya di kieuna. Ti mimiti taun 1991, sato nu kagolong kana katégori “kritis” téh digolongkeun jadi “fauna idéntitas” (maskot) di Provinsi Bali.
Dr. Baron Stressmann, ahli sato manuk urang Inggris nu pangheulana manggihan jalak Bali dina tanggal 24 Maret 1911.
Manuk Jalak Bali babari katangén da boga ciri-ciri husus, saperti buluna bodas di sakujur awakna. Kajaba, tungtung buntutna jeung jangjangna warna hideung. Pipina mah taya buluan, warnana biru, sukuna warna abu-abu. Manuk jalu jeung bikang téh sarupa.
Jalak Bali méh tumpur, béak. Nu masih kénéh bisa hirup di alam habitat asli ukur wewelasan baé. Ku kituna, Jalak Bali dilarang didagangkeun. Kajaba, manuk hasil usaha ngendogkeun, nganakkeun (penangkaran) ti turunan katilu. Jadi lain ti tempat hirupna di leuweung.
Supaya Jalak Bali teu tumpur, geus diayakeun pusat “penangkaran”, nu salah sahijina tempatna di Buléléng Bali ti taun 1995. Kitu deui, di unggal kebon binatang di sakuliah dunya ngayakeun program “penangakaran” Jalak Bali.
G. Mikaweruh Kecap Sangaran
Dina bacaan saméméhna aya kecap jalak, anu nuduhkeun ngaran manuk. Kecap jalak téh tumerap ogé dina sesebutan jalak harupat. Jalak harupat téh hartina hayam anu alus aduna, warna buluna semu héjo. Pék baca ieu kalimah di handap!
• R. Oto Iskandar Dinata anu boga jujuluk Si Jalak Harupat téh kaasup pahlawan nasional.
Harti si jalak harupat dina éta kalimah mah nyaéta lalandian atawa sesebutan ka R. Oto Iskandar Dinata lantaran gedé wawanén dina nanjeurkeun bebeneran.
Dina kalimah ieu di handap aya kecap-kecap nu sarua wangunna, tapi hartina béda. Tengetan harti kecap nu dicitak miring dina ieu kalimah!
G. Mikaweruh Kecap Sangaran
Dina bacaan saméméhna aya kecap jalak, anu nuduhkeun ngaran manuk. Kecap jalak téh tumerap ogé dina sesebutan jalak harupat. Jalak harupat téh hartina hayam anu alus aduna, warna buluna semu héjo. Pék baca ieu kalimah di handap!
Harti si jalak harupat dina éta kalimah mah nyaéta lalandian atawa sesebutan ka R. Oto Iskandar Dinata lantaran gedé wawanén dina nanjeurkeun bebeneran.
Dina kalimah ieu di handap aya kecap-kecap nu sarua wangunna, tapi hartina béda. Tengetan harti kecap nu dicitak miring dina ieu kalimah!
Téangan ku hidep kecap-kecap saperti conto di luhur, terus larapkeun dina kalimah.
H. Ngawih
Saméméhna geus dipedar ngeunaan Penyu Héjo jeung Jalak Bali, dua sato anu méh tumpur. Upama hidep resep kana manuk, lain hartina kudu ngandangan dina kurung. Keun sina disarada, sina resepeun
hiber jeung eunteup dina tangkal di buruan.
Ieu di handap aya kawih ngeunaan manuk. Hayu urang kawihkeun!
Manuk Dadali
Téks rumpaka lagu "Manuk Dadali", diwangun ku sajak bébas.
Baca sing taliti!
2. Ngajembaran Pangajaran Maca
Hayu urang ngajawab pertanyaan
- Naon anu dicaritakeun dina éta sajak téh?
- Naon nu dimaksud ‘di buruan geus caang’?
- Nu kumaha ari nu disebut ‘taya nu ngaharu biru’ téh?
- Kumaha pamanggih hidep mun ningali manuk nu hirup bebas jeung manuk nu hirup di jero kurung?
- Naon buktina yén hidep milu mikanyaah manuk?
I. Maca Dongéng
Sakadang Kuya Mamawa Imah
Jaman baheula, di hiji patempatan nu ngawates ka sisi walungan, aya sakadang kuya keur meresihan sisi-sisi kebon nu kahieuman ku tangkal nu ngajajar jadi pager.Gobras-gobras dicacar maké congkrang. Si Ambu kuya keur ngaliwet di kolong saung ranggon. Liwet ditumpangan ku peda beureum, maké salam, séréh, bawang beureum. Teu lila kaambung seungit.
Pa Kuya nyampeurkeun ka saung.
Di pasir, kuya téh ngebon ngahuma. Talingtrim baé hirupna. Sakapeung- kapeungeun sok aya babaturan Pa Kuya nu sarua ngahuma.
Pihujaneun geus ngagayot hideung di langit beulah kidul. Gebrét hujan gedé. Kitu deui, angin ngagalebug. Jigana angin puyuh duka puting beliung. Angin téh ngapungkeun saung. Awut-awutan. Kajadian kitu téh geus sababaraha kali. Puguh baé matak capé, matak rieut. Tapi, Pa Kuya sok ngoméan deui-ngoméan deui imahna.
Pa Kuya jeung Ambu Kuya, ahirna sok malikir kumaha carana sangkan imahna teu beunang ku musibah. Karasana geus capé.
Keur kitu aya nu pupuntenan dina papanggé. Singhoréng sakadang monyét, sobatna. Sanggeus lila ngobrol, sakadang kuya nanyakeun, kumaha carana nyieun imah nu aman.
“Kieu wae atuh Pa Kuya, Ambu kuya, imah téh kudu nu bisa dibabawa”.
Sakadang kuya, béak nganuhunkeun ka sobatna, sakadang monyet.
Dina carita dongéng téh kapanggih Sakadang Monyét nulungan Sakadang Kuya. Picontoeun keur urang apan, nya!
Bukti yén urang mikanyaah ka papada ciciptan Alloh téh di antarana silih tulungan téa. Di antarana henteu ngaganggu kalestarianana. Kuya téh apanan salah sahiji sato nu ku urang kudu dilindungi upaya teu tumpur.
- congkrang
- huma
- musibah
- ngagayot
- ngagandong
- angina puyuh
- ngebon
- ngoméan
- papanggé
- ranggon
J. Nyaritakeun
Lutung Jawa
Tujuh sato anu dilindungi, dipiara sacara ilegal di hiji vila di desa Gununggeulis, Sukaraja, Bogor, geus dievakuasi ku petugas Kepolisian jeung Balai Besar Konservasi Sumber Daya Alam Jawa Barat Bidang Wilayah Konservasi I. Éta sakabéh sato téh rék dileupaskeun deui ka habitat aslina. Upamana, lutung jawa rék dileupaskeun di Bandung Kidul. Owa jawa di Gunung Pangrango.Sasatoan anu diamankeun téh salian ti lutung jawa, nyaéta maung sumatra, owa jawa, siamang, owa ungko, rusa timor, jeung tilu merak. Éta sasatoan téh saméméh dileupaskeun ka habitat aslina rék diréhabilitasi heula di pusat transit sato nu aya di Gadog.
Nurutkeun katerangan petugas konservasi, salian ti tujuh sato nu tadi, aya deui dua sato nyaéta rusa totol jeung ligér. Tapi, dua sato kasebut teu diamankeun ku patugas, alesanana éta dua sato téh lain sato asli Indonesia. Rusa totol téh asli India, sedengkeun ligér teu jelas identitasna.
Urang ngajawab pertanyaan ieu, yu!
- Naon baé ngaran sato nu dibawa (diamankeun) téh?
- Naha dipiarana dianggap ilegal?
- Naon panjangna singgetan BBKSD téh?
- Pék sebutkeun sato naon deui nu teu meunang dipiara ku masarakat téh!
- Naha lutung jawa kudu dilindungi?
Pancén di imah
Jieun karangan narasi maké basa Sunda nu hadé, nu eusina nyaritakeun tarékah usaha nyalametkeun mahluk supaya teu tumpur.
- Pék baé badamikeun/diskusikeun jeung batur sabangku
- Ménta saran ka Ibu/Bapa guru
3. Paribasa Apalkeuneun
- Ayakan tara meunang kancra (hartina: nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana)
- Anak merak kukuncungan (hartina: sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna)
- Paanteur-anteur julang (hartina: silih anteur maké aya dua tilu kalina)
- Sentak badakeun (hartina: teu cééhan dina digawé. Dina mimitina mah kacida getolna, tapi beuki lila, beuki ngedul, tungtungna pagawéan téh diantep teu dipigawé pisan)
- Ngabuntut bangkong (hartina: ku lantaran teu pati nyaho kana perkarana atuh teu bisa terus nyaritakeunana)
- Banténg ngamuk, gajah meta (hartina: naon baé atawa saha baé anu dipikasieun ku urang)
- Kawas lauk asup kana bubu (hartina: gampang meunangna jeung asupna kana hiji pagawéan, tapi hésé beleke kaluarna jeung ngejagkeunana éta pagawéan)
- Buluan belut, jangjangan oray (hartina: pamohalan kajadian)
- Jaman cacing dua saduit (hartina: baheula pisan)
- Cara gaang katincak (hartina: anu tadina ramé kacida, ayeuna mah jempling pisan)
4. Nyieun Kalimah Maké Paribasa
K. Ngaregepkeun
Wapalla “Pikiran Rakyat” Ngaleupaskeun Sarébu Bayi Penyu
Wadah Penggiat Lingkungan Hidup dan Pecinta Alam (Wapalla) Harian Umum Pikiran Rakyat ngaleupaskeun 1000 tukik di basisir Pangumbahan, Ujung Genténg, Sukabumi, poé Saptu, 9 Novémber 2013. Bakti sosial ieu téh témana “Love sea turtle, love earth” minangka pangrojong kana konservasi penyu héjo (chelonia mydas), di laut pakidulan Sukabumi. Éta kagiatan téh diiluan ku kurang leuwih saratus karyawan koran Pikiran Rakyat. Tukik atawa bayi penyu téh kaluar tingarugil tina liang penetasan nu dikokolakeun ku Dinas Kelautan dan Perikanan Kabupaten Sukabumi,
UPTD Konservasi Pangumbahan. Anak penyu téh dileupaskeun pasosoré dina wanci panonpoé surup. “Tugas konservasi penyu laut téh saenyana mangrupa tugas saréréa. Ka singsaha anu maliré, boh sacara pribadi, boh sacara organisasi, geus lain deui anu sipatna kalangenan (hobi) tapi kudu geus jadi kawajiban.
Direktur Bisnis Pikiran Rakyat, ngarojong pisan konservasi penyu jeung deuih ngajak ka masarakat ka sakumna organisasi supaya milu aktif ngajaga lumangsungna kahirupan penyu.
Ngajawab Pertanyaan
- Pék sebutkeun ku hidep salian ti sacara pribadi, organisasi naon baé nu miroséa kana penyu téh
- Naon alesanana sato-sato peusing (trenggiling), heulang, kérak, jalak, jeung rupa-rupa manuk teu meunang dipiara dikurungan ku masarakat sacara pribadi?
- Naon kagiatan nu dipigawé ku Wapalla téh?
- Kumaha pamanggih ketua Wapalla nu disebut pahlawan téh?
- Kagiatan masarakat basisir sok kaperego ngarala endog penyu. kumaha pamanggih hidep kana éta laku masarakat téh?