Isuk-isuk Bubur Ayam, Pasosore Nasi Goreng

 Teks Wawancara

Pek baca ieu hasil wawancara ngeunaan wirausaha!

Isuk-isuk Bubur Ayam, Pasosore Nasi Goreng

Poe Ahad isuk-isuk, Dadang jeung Wawan jalan-jalan ka Tegallega. Balikna meuli bubur ayam heula. Ari anu dagang bubur ayamna teh Pa Odi, tatangga Dadan di Nyengseret.


Sumber: http://www.bacaanasik.cc/

Dadang    : “Buburna, Pa, dua!”
Pa Odi     : “Mangga. Kaleresan aya keneh ari dua mangkokeun deui mah."
Wawan    : Tos séép, Pa?
Pa Odi     : “ Alhamdulillah, Cép, rada ramé dinten ieu mah. Geuning tos aruih deui jalan-jalan téh?” Dadang    : “Atos, ah, capé. Ti subuh abdi mah, ayeuna badé teras latihan pramuka di sakola.” 
Wawan     : “Abdi mah tong nganggo kacang, Mang, ladaan wé sakedik!” 

Dadang (nyarita ka Wawan): “Pa Odi téh langganan urang, Wan. Pokona mah unggal isuk-isuk, saméméh indit ka sakola téh urang mah sok sasarap bubur ayam Pa Odi.” 
Pa Odi ngasongkeun bubur ayam, ditampanan ku Dadang jeung Wawan.
Dadang jeung Wawan ngadahar bubur ayam.

Wawan : “Enya, Dang, ngeunah jeung buburna teu éncér teuing deuih. Nganggo naon ieu teh, Pa? Asa 
                 benten.” 

Pa Odi : “Bénten kumaha, Cép? Sami wé sareng nu sanes. Boh samarana boh ngadamelna ogé teu aya 
                béntenna, Cép. Mung Emang mah tara seueur teuing caina, nu matak teu éncér. Ari Encép ti 
                mana, kitu? 
Dadang  : “Ieu téh babaturan sakelas abdi, bumina di Astanaanyar.” 
Pa Odi    : “Bapa ogé sok ka Astanaanyar, Cép.” 
Wawan   : “Ka mana, Pa, ka Astanaanyarna?” 
Dadang  : “Pa Odi téh, Wan, sok dagang nasgor deuih, sok ka Astanaanyar nya, Pa?” 
Pa Odi    : “Muhun.” 
Wawan : “Oh, kitu? Ka mana baé, Pa, sok ngiderna?” 
Pa Odi : “Tara tebih-tebih Bapa mah. Paling-paling ogé dugi ka Pagarsih, di dinya wé sok mangkal 
                caket tukang kembang. Dupi bumi Encép palih mana?”
Wawan : “Abdi mah lebet deui ka gang, Pa. Sok dugi ka tabuh sabaraha di dinyana, Pa?” 
Pa Odi : “Ah, tara tangtos, Cép. Mung Bapa mah dagang nasi goréng téh tara langkung ti tabuh 
                 sapuluh. Badé séép badé henteu, tos tabuh sapuluh mah, sok uih wé. Apan kedah nyiapkeun 
                 kanggo énjingna, dagang bubur ayam.” 

Dadang : “Capé henteu, Pa?” 

Pa Odi : “Capé namah capé, Cép. Namung kumaha deui atuh? Da Bapa mah usahana ngan tiasa kieu.” 

Wawan : “Muhun, iraha peréna, Pa?” 

Pa Odi : “Teu aya peréna Bapa mah, teu cara padamel kantoran. Upami Bapa péré dagang, atuh 
                meureun moal kénging artos. Anu matak Encép-encép mah kedah garetol sarakola, sing 
                junun dugi ka jaradi sarjana. Ulah kawas Bapa, Bapa mah SD ogé henteu tamat. Anu matak 
                énjing-énjing ngadodorong roda, pasosontén ngadodorong roda. Pedah bénten eusina.
                Enjing-énjing bubur ayam, pasosonten nasi goréng.” 

Dadang    :  “Ari padamel kantoran kumaha kitu, Pa?' 

Pa Odi     : “Nya padamel kantoran mah raos wé. Kénging gajih bulanan, dinten Minggu tiasa peré.” Wawan     : “Abdi mah cita-cita téh hoyong jadi padagang sapertos pun bapa, gaduh toko sorangan.”
Pa Odi     :  “Nya ari kaluaran sakola luhur mah, dina jadi padagangna ogé moal kawas Bapa kieu. 
                    Tangtos bénten atuh. Pokona mah damel naon bae ogé ari kaluaran sakola luhur mah, moal 
                    sesah, Cép. Anu matak ceuk Bapa mah sakola téh penting.”
Dadang    :  “Hayu, Wan, geus beurang, yeuh! Sabaraha, Pa?”
Pa Odi     :  “Biasa wé. Cép. Dua, sapuluh rébu. Kadé nya, Cép, sing garetol sarakola. Didu'akeun ku 
                    Bapa sing jaradi sarjana!”
Wawan     : “Nuhun. Mangga, Pa!”

Pancen 2 

  1. Pék ku hidep caritakeun deui papatah Pa Odi téh ka babaturan hidep, ngagunakeun basa hidep sorangan.
  2. Hidep panuju henteu kana papatah Pa Odi? Jentrekeun alesanana! 

Pancen3 

    Pa Odi téh pacabakanana dagang kadaharan. Isuk-isuk dagang  bubur ayam, pasosoré dagang nasi goreng. Boh bubur ayam, boh nasi goreng didagangkeunana téh maké roda, didorong. Jadi henteu ditanggung.

    Mémang ayeuna geus prah anu dagang kadaharan dirodaan. Béda jeung baheula. Baheula mah umumna anu dagang dahareun teh ditanggung baé. Malah tanggunganana ogé boga ciri mandiri. Kitu deui jeung anu dagang kabutuh sapopoe lianna, saperti minyak kalapa, sayuran, lauk, jeung sajabana. Nepi ka urang téh bakal nyaho naon anu didagangkeunana, ditingali tina tanggunganana. 

    Di handap aya gambar tukang dagang anu ditanggung. Boh kadaharan, boh kabutuh sapopoe lianna. Barang anu didagangkeunana: 


    Pek ku hidep tuduhkeun gambarna di handap!

  1. baso tahu
  2. saté madura
  3. cingcaw
  4. lauk
  5. minyak kalapa
  6. kurupuk
  7. bandros
  8. es serut
























Post a Comment

emo-but-icon

item